Web Hosting

Drama Jang Barudak

Drama Jang Barudak

Dalam acara kenaikan kelas dan perpisahan kelas 9 SMPN 1 Sindangresmi, Kabupaten Pandeglang, Provinsi Banten saya akan membuat sebuah drama yang berjudul Agama Islam. Dalam drama ini memang humorisnya kurang tetapi nilai moral yang terkandung dalam drama ini sangatlah besar jika dihayati dengan seksama, dengan menggunakan bahasa sunda dan berpegang dari seluruh rangkuman pagelaran wayang golek dengan mantap saya membuat drama ini dengan pemain sebagai berikut.

Aktor

1. Sana Wijaya berperan sebagai Abah : Kake tua yang sudah pintar dalam kajian ilmu baik ilmu lahir maupun batin, memiliki dua orang anak yang semuanya laki-laki diberi nama Kamsan dan Kamsin.
2. Taufan Pauji berperan sebagai Kamsan (anak pertama) : Seorang anak laki-laki yang berbakti pada orang tuanya dan merupakan anak yang pertama
3. Heru Fauzi :Berperan sebagai kamsin (adik kamsan) : Seorang anak laki-laki ke dua dari kamsan yang sama berbakti pada orang tua dan memilki kambing
4. Aryo berperan sebagai Cece : Yaitu sesaorang yang sedang bertani dan mendengar suara obrolan, dan merupakan seorang yang watkanya tidak teguh pendiriannya.
5. Dadan Oktavian berperan sebagai kaka Cece : Yaitu seorang yang gagah pemberani tetapi masih bisa tertipu daya karena mengikuti nafsu.

Ringkasan Cerita

Suatu hari sang bapak / abah memanggil kedua anaknya yaitu untuk mempertanyakan tentang kelulusan sekolah, tetapi obrolan itu menjadi serius sehingga menyangkut tentang kehidupan beragama, berpolitik dan bernegara. Setelah obrolan itu selesai, cece yang sedang bertani ikut serta menjadi tamu dan berbincang tentang rukun agama islam. Cece manjdi bahan tertawaan kamsan dan kamsin karena ditipu daya tentang rukun islam. Cece kalah dialog sampai nangis dan menagdu pada kakanya sehingga kakanya marah kepada kamsan dan kamsin, dan setelah terjad perdebatan sang ayah pun datang sebagai penengah dari permasalahan itu, akhirnya mereka pun saling memaafkan.

Cuplikan Drama


Abah / Sana : Jang,, (kulan, kulan, kulan, aya naon uwa). Sakapeung mah urang sok aral ku ayana romantika kahirupan, sabab rebuan bahkan jutaan kajadian eta kadenge kana ceuli abah. Tah beuki ebreh we abah mah harti dunya the iye, naha iye anu rek dipibeurat ku maraneh the???
Sedengkeun hiji waktu urang bakal pinanggih jeung poe akhir anu ngandung harti poe pamungkas raga ditinggalkeun nyawa maot pingaraneunana. Moal nyacaka urang teh jang (bener). Ningali kana peradaban jaman ayuna euh geus parah jang, (parah kumaha wa) budak gadis we ayeunamah papakean bujal na the kadeuleu.
(Laju uwa resep kanu kitu???) Hah??? (Abah resep kanu kitu??) Ih resep….. teu normal dewek te resep kanu kitu mah.. Tapi keur jiwa abah mah teu aya efek nanaeun jang. Lain Kamana iyeu barudak nyah?? Cik cik cik calukan calukan pang calukan keun kamsan jeung kamsin.
(Kang,, ) heuy. (Kadieu disauran abah tuh…..)
Kamsan / Topan : Ah kuring mah hoream disauran ku abah,, Mantak kuring mah hayang geura kiamat iye alam dunya. (Emang kunaon kitu kang ??)  hayang geura neuleu jelema eta kekerebekan dina naraka, (emang kunaon kang?) Da doraka ti kuring atuh. (wah Ulah sok kitu kang doraka,) yah doraka naon?? Pangeran moal ngahampura ka eta jelema mun eta jelema teu dihampura heula ku anakna. (awas kawalat) yeuh, mantak hirup mah . . . . . .
Abah / Sana: Teruskeun jang. Hah?? Sok teruskeun tadi eta kumaha??
Kamsan / Topan : Numantak geh barudak,,, urang eta kudu ngahormat kanu jadi kolot (lain, lain kitu tadi mah). Sabab urang moal dihampura ku pangeran lamun teu dihampura ku kolot. Kitu nya bah??
Abah / Sana : he’eh jang… Mun teu lemper leungeun dicabok ku dewek sia jang. (kepret kadinya bah) Mana si kamsin jang??
Kamsan / Topan : Ngagaduh domba si eta mah, kiwari mungguhnamah keur ngurusan domba bah.
Abah / Sana : Calukan jig, riung mungpulung jeung abah kitu didieu.
Kamsan / Topan : Sin, Kulan, kadieu.
Kamsin / Heru : Ngagaduh domba akang the jang, lumayan mun lebaran teu kudu meuli deui pan. Jeung deuih dina aangonan mah tercipta kedamaian batin.. rumasa dewekmah te becus ngomean gadget, football manager, jeung wining eleven akang mah teu resep.
(Naha teu resep kang??)
Kamsin / Heru : da Teu kabeuli.
Eh, atuh etamah DL kang lain te resep.
Kamsin / Heru : Da kuring mah lain te boga duit iyeh jang.
(tapi,??)
Kamsin / Heru : Teu aya jang meulina.
(eee, sarua eta the kang)
Abah / Sana : aya baraha domba the jang??
Kamsin / Heru : Tinggal Hiji Bah.
Abah / Sana : eh, Naon ngagaduh dua cenah. lain nambahan kalah ngurangan??
Kamsin / Heru: Apanan di jual ku iye hiji.
Kamsan / Topan : Di jual ku abdi bah, atuh hayang sapedah can kasorang.
Abah / Sana : Tuluy tos kabeuli sapedah??
Kamsan / Topan : Atos.
Abah / Sana : Kamana ayeuna?
Kamsan / Topan : Dijual ku iye.
Abah / Sana : Eh si edan.
Kamsin / Heru : Aya naeun iye the bah pang na di sauran kie yeuh.
Kamsan/ Topan: Aya naon bah pang na tiasa ruing mungpulung kieu?
Abah / Sana : hahaha, he’eh sukur jang, kieu cu. Saperkara dewek the sono, anu kaduana da memang iye the aya hal anu kedah didugikeun tea anu kedah dipadungdengkeun.
Kamsan/ Topan: Ngeunaan??
Abah / Sana : Ngeunaan hirup we jeung kahirupan urang sapopoe.
Abah / Sana : Kieu jang, lulus maneh sakola???
Kamsin / Heru : Alhamdulilah lulus bah.
Abah / Sana : He’eh sukur, kieu. Sanajan urang dina kaayaan lieuk euweuh ragap te aya, ngeun anu ngaran pendidikan mah penting jang, tanyakeun hartina A the kumaha, bucu baca the penting. Sabab iye nagara the ngabutuhkeun sumber daya manusa anu berkulitas, berbasis, religious, jeung wawasan lingkungan.
Nyoreak alam katukang yen bias iye nagara urang merdeka the hasil tangan –tangan karuhun urang dina mangsa nyokot kamerdekaan tina tangan jajahan. Cirina naon??? tuh batu nu parentul nu tugur di luhur kubur, tetengger nu hempak di tanam pahlawan. Eta the lain tutugur tempat pamunjungan, lain tetengger tempat pemujaan, nanging eta the harewos beja ka urang pikeun neraskeun perjuangan di alam nu merdeka ku cara karya anu terpuji.
Kamsin / Heru : Perjuangan anu sok di gelom ku barudak ??
Abah / sana : Etamah Permen sanes perjuangan jang
Kamsin / Heru : ooh.
Kamsan / Topan : Etamah permen, iye mah perjuangan. Sing napak sia ngomong teh
Abah / Sana : Nu mantak tea oge lanjutkeun sakola geus geura persiapkeun ti ayeuna ulah mikiran biaya. Naon margi na?? Uh jang ayeuna se’eur bangsat deuleu, Raskin we raskin ayeunamah tembus te ka keluarga we kanu wauh. Ka urang mah hente.
Kamsan / Topan : enya, jeung deuih te gableg ka kenyos, dibere gas di jual deui.
Kamsin / Heru : atuh da jaman kiwari mah, ari persaingan harta benda dikencengkeun ari datang bantuan ti pusat rebuan bahkan jutaan masyarakat daftar hayang jadi fakir miskin. Sok eta bangsa urang.
Abah / Sana : He’eh jang, dumasar kana hal eta ilaing ulah kabobodo tenjo kasamaran tingali, keun bae batur mah nu penting urang ulah kabawa arus. Sakitu ti dewek, dewek rek nyusul indung ilaing heula ka sumur jang.
Kamsin / Heru : Mmh a, tanda nyaah tinu jadi kolot.
Kamsan / Topan : enya sin, mantak rugi keur urang mun urang ngecewakeun anu jadi kolot. Sebab loba dina jaman kiwari anu pegat sakola ku gara-gara kabobodo tenjo kasamaran tingali.
Kamsin / Heru : Urang mah ulah a, urang mah kudu bener terutama bener keur diri pribadi urang.
Kamsan / Topan : he’eh.
Cece / Aryo : Heuy jelema, jelema…
Kamsin / Heru : naon eta a??? sha?? Budak kitu nyalukan indungna eme ema ema beh.
Cece / Aryo : Jelema, jelema. Wah, mahluk naon iye mani karieu??
Kamsan / Topan : Mani nyebut mahluk naon ka aing. Lain saha iye ?? nu timana??
Cece / Aryo : Ngaran kuring??
Kamsin / Heru : He’eh
Cece / Aryo : ngaran kuring Raden cece kuteudirja blokok samidin konondangan ti sabang nepi ka maroke suhu maksimum 35 derajat selsius. Kitu caritana. Ngeun sok dipanggil cece kuring the.
Kamsan Topan : oh, raden cece. Keur naon didieu.
Cece / Aryo : Melak kopi.
Kamsin / Heru : Menya kopi di pelak, pan kopi mah sok dipake dina sirah mun panas. Topi atuh nu kitu mah, Topi mah mun urang diinjeum duit sok teu mayar eta ka topi, katipu atuh anu kitu mah belegug. Tipu mah beas ditutuan, tipung, tipung nu kitu mah. Tipung mah hiber, nga, ngapung belegug. Ngapung mah mun urang ragrag ti luhur disebutna ngapung ngagebru anu kitu mah, mani jauh sia tina ngapung kana ngagebru.
Kamsan / Topan : Agama naon maneh ??
Cece / Aryo : Islam. Maneh agama naon??
Kamsan / Topan : Islam
Cece / Aryo : ah, te percaya, menya islam diiket, atuh ari islam mah make-make peci burung, atawa gamis.
Kmasan / Topan : Puguh da awewe. : Mun bener maneh islam, pek jawabkeun pertanyaan kuring.
Cece / Aryo ; Sok
Kamsan / Topan : Keuyeup haram ta hente??
Cece / Aryo : Naon sia the nyambung ka keuyeup??
Kamsan / Topan : Ih, bisa jawab, hente ulah.
Cece / Aryo : Maneh beuki kana eta keuyeup??
Kamsan / Topan : hente
Cece / Aryo : Ulah, ulah ngakan da haram. Maneh beuki kana eta keuyeup??
Kamsin / Heru : Beuki kuring mah.
Cece / Aryo : Pek bae da teu haram.
Kamsin / Heru : Naon margi na ari ka pun lanceuk ngaharamkeun, ari ka abdi nghalalkeun.
Cece / Aryo : Ari keuyep the sok ngarorekan galeng pihewaeun nu boga sawah, tah lamun jelema nyawah nawek  galeng hahawekan sampe kana lahan batur, laku keuyeup eta nu kitu, mantak ulah dilampahan da haram.
Kamsan / Topan : ooooooh,,
Cece / Aryo : Keuyeup the ari mata ka hareup lempang ka gigir, tah jelema lalajo ari mata kana panggung ari ari leungeun culapat celepet kana aurat batur, laku keuyeup eta nu kitu, ulah da haram. Saruana ari hayang jadi pejabat ari tos diuk dina korsi culak cileuk nyiar palingeun nyokot hak batur korupsi. Tah eta nu kitu laku keuyeup. Lain keuyeupna tapi kalakuanana nu haram.
Kamsan / Topan : Bisaan iye budak goreng hideung luka likuna, mani jero kitu pamikirana.
Kamsin / Heru : Lain a, piraku eta si eta islam, eta meureun manehnamah agama katulah.
Kamsan / Topan : Katolik kitu belegug, naon katulah sia mah. Bener maneh agama islam ??
Cece / Aryo : Bener. Wani di tes aing mah.
Kamsan / Topan : Sok. Rukun islam aya sabaraha??
Cece / Aryo  : aya 5.
Kamsan / Topan & Cece / Aryo : hiji, Sahadat, 2 solat, 3 jakat, 4 puasa, 5 munggah haji mun kawasa di jalana. Akur jeung maneh ???
Kamsan / Topan : 6 dewek mah.
Cece / Aryo : Ah lain islam, lain lain islam, boa boa maneh iye anu ngaku nabi nu paling ahir the. Sodet sodet maneh lain??
Kamsan / Topan : Sadek kitu belegug.
Cece / Aryo : Naon maneh make jeung ngomong aya 6?
Kamsan / Topan : He’eh sahadat, solat, zakat, puasa, munggh haji mun kawasa ngalaksanakeunana.
Cece / Aryo : anu ka 6 ?
Kamsan / Topan : Balik deui kadieu, naha urang the rek ngajedog diditu, baraya teu boga dulur te gableg, mending balik ka dieu ka lembur urang.
Cece / Aryo : oh,, he’eh nyah, pan aing karak meunang beja kiwari. Ke ke ke, kmaha iye.
Kamsin / Heru : 7 dewek mah.
Cece / Aryo : naon
Kamsin / Heru : berangkatna nupak kapal.. naha urang rek leumpang munggah haji the,, atu paeh meureun tilelep di laut moal jadi munggah haji.
Cece / Aryo : Tuh bener deui bae, naha iye te ka catet ku kuring??????? Lamun kitu bias burung ditambahan jadi 8??
Kamsan / Topan : Tong ngaleuwihan, ngeun satujuh tujuhna.
Cece / Aryo : naon ja aslinamah ngeun 5 tapi ditambahan ku sia jadi bener oge.
Kamsan / Topan : Ari kitu naon anu ka 8???
Cece / Aryo : Dahar…… sok lamun teu dahar rek bisa nupak kapal kumaha ja leuleus we meureun urang the..
Kamsin / Heru : 9, nginum, naha tos dahar moal nginum, paeh meureun cilekok na tikoro.
Cece / Aryo : tuh bener deui bae, kumaha iye aing yeuh. Bener tapi salah, salah tapi bener euy.
Kamsan / Topan : 10, Sare, naha urang rek nyaring bae, aya beurang aya peuting pan.
Cece / Aryo : Tuh bener deui bae.. naha kumaha iye yeuh.
Kamsin / Heru : 11, Nyaring, naha urang rek sare bae?? Atuh moal aya kegiatan mun sare bae mah.
Cece / Aryo : 12 Ngising..Sok sia …
Kamsin / Heru : Enggeus sia teh ngeun aya 11. E, ulah sok nambahan sia the bisi di kepret ku aing.
Cece / Aryo : (ceurik ) Awas dia dibejakeun daria ku aing ka kaka aing.
Kamsin / Heru : Beuh a, kumaha iyeu urang yeuh..
Kamsan / Topan : Hahahaha, haruh kagugu aing sin, eta jelema anu lumpuh yuni the nu kitu meureun nya. Mantak dewek mah teu kaharti jaman ayeunamah agama di anggap heureuy ku jelema, padahal eta the proyek kasalametan dunya akherat euy.
Kaka cece / Dadang : Woy…. Teungeunah aing, dulur aing di galakan. Nya digalakan nya dipapatahan.
Kamsan / Topan : dipapatahan naon, teungeuanah aing rukun islam ku sia ditambahan. Hayu sia gelut.
Kamsin / Heru : Sing salamet maneh ku ayana agama, eta maneh rek ngagelutan kami berarti kumaneh dikusrukeun.
Kaka cece / Dadan : Da aing mah teu ngeunah pamadegan aing dileuwihan.
Kamsin / Heru : Ari kitu sabaraha anu sabenerna ceuk maneh??
Kaka cece / Dadan : kolot aing geus magahan rukun islam ulah di leuwihan ulah di kurangan eta tetep aya 13.
Kamsan / Topan : sia anu pi podaraneun aing mah. Sia meureun anu ngaku nabi nu paling akhir the. 5 belegug.
Kaka cece / Dadan : His teu bisa.
Kamsan / Topan : Tah berarti sia anu lain islam. Sia meureun anu ngaku nabi nu paling akhir the
Abah / Sana : aya naon jang??
Kamsan / Topan : Kadieu bah, aya jelema ngamuk yeuh. Sok pang jawabkeun kadinya ja abahmah tis pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Abah / Sana : hahahahaha.
Kamsin / heru : Tong waka seuri, ja abdi mah can hayang seuri can di jawab mah.
Abah / Sana : Di dunya the loba hijab, di dunya the loba kedok. Loba topeng. Nyieun alesan pikeun kapentingan agama, nagara jeung bangsa padahal eta the ngeun ukur kedok buktinamah loba keur kapentingan diri pribadi manehna. Iye akibat cenah the kieu, cenah di cenah keun deui anu diarep duit kadituna teh. Baheula di jajah ku belanda 350 tahun, tapi ayeuna loba anu ngajajah bangsa sorangan, ku nafsuna.
Kamsan / Topan : Laju kumaha solusina iyeu yeuh???
Kamsin / Heru : na, jauh jauh kana solusi, solusi mah pan sok tugas di jalan, stnk sok ditanyakeun.
Kamsan / Topan : Nu kitu mah polisi atuh, e, sing napak sia ngomong the bisi di dagor ku aing. Solusi the jalan kaluar kumaha iye yeh.
Abah / Sana : Mantakan jadi jelema mah ulah sok nyalametkeun agama sia, tapi maneh sing salamet ku ayana agama. Lain jang dipasinikeun nu kitu mah jang, tapi jang di amal.
Nu tadi disebutkeun ku ilaing the eta the pagawean, mun urang bisa ngagawean eta kakarak urang meunang gelar islam. Mantak sia tong wani-wani ngaku islam lamun can kajawab tah anu 5. Sedengkeun ngajawab pagawean di dunya lain ku sungut, lain ku dakwah, tapi ku gawe. Aya nu maot di duitkeun ayeunamah, mantak rek lebah mana ibadahna?? Dumasar kana hal eta, geus ulah masinikeun nu kitu, geura amal eta pagawean-pagawean nu tadi supaya maneh meunang gelar islam sampurna di jeroning smpurna.
Kaka Cece / Dadan : enya nya, sihoreng lain jang dipasinikeun nu kitu mah, tapi jang di amal. Bener bah ningali jaman ayeuna mah pan rek dimana lebah ibadahna sehingga anu paeh geh di duitkeun. Padahal urang the diwajibkeun nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngajait kanu titeuleum, ngahudangkeun kanu labuh, nyaangan kanu poekeun. Mmh, nuhun bah. Lur hampura.
Kamsan / Topan : ih sawangsulna lur. Hampura oge kuring
Kamsin / Heru : Ti kuring nyuhunkeun pangampurana lur.
Abah / Sana : Tah sakitu ti kami. Hatur nuhun ka para kaum dangu.
Terima kasih atas kunjungannya. Semoga bermanfaat.

0 comments:

Post a Comment

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...

Terbaru

Kunjungan Hari Ini

pagerank

sirmanggisak.blogspot.com Alexa/PageRank